Hahariringan

<¤ Play On ¤ RYA FITRIA <> BOGOH KASAHA ACI JESSICA <> KUTEUNTEINGANEN ACI JESSICA <-> TEU BISA AYA GANTINA Cipt. Kikiludi ACI JESSICA <-> BEGER MINDOCipt. Doddy Ronald ACI JESSICA - KEUN WAE Cipt. Indra Budiman ACI JESSICA <-> KUNAON ANJEUN TEGA ACI JESSICA <-> GALINDENG SALIRA Cipt. Aceng Yudha ACI JESSICA <- >LAYUNG BEUREUM Cipt. Aceng Yudha

Sabtu, 21 April 2012

sasangkala blok naringgul*garut

Di Kampung Lengkong Kaler
bawahan Désa Sindangsari
Kacamatan Cisompet Kabupatén
Garut. Aya hiji daérah nu katelah
Blok Naringgul nu legana puluhan
héktar. Éta daérah pinuh ku batu
nu pohara galedé jeung nu
mareujeuhna lobana leuwih kana
ratusan, mungkin rébuan. Tinu
gedéna leuwih ti gédong nepi ka
nu sagedé émbér. Tadina disangka
urut gunung bitu saperti batu-batu
nu nyaeur Nagara Karobakan.' Tapi
di daérah éta teu aya gunung nu
gedé sarta seuneuan, sugan urut
urug jaman baheula, teu aya
urutna. Na urut naon atuh? Cenah
ceuk sasakala kieu.
Carék ujaring carita
Jaman harita di daérah éta aya hiji
karajaan nu katelah Nagara Daha.
Nu jadi rajana katelah sang Raja
Gurit Sakti. Papatihna katelah Gurit
Salaka.
Kaayaan nagarana ngagaruda
ngupuk dilingkung ku
pagunungan, walungan cur-cor,
éstuning tanah subur pisan.
Pangeusina éstuning cukup
sandang cukup pangan. Sepi
paling towong rampog. Genah
ripah loh jinawi. Tiffs dingin
paripurna.
Dina hiji poé.
Sang Raja sinewaka
ngabarempagkeun tina hal
katamuan ku hiji istri nu keur
bobot, nu katelah Nyi Sumur
Bandung. Minta panangtayungan ti
karajaan Daha kulantaran diarudag
ku rahayat nu barontak ka
nagarana.
Gurit Sakti sasauran.
"Kakang Patih, sakumaha
kauninga, ka urang mundut
panangtayungan. Réhna di
nagarana aya huru hara. Kumaha
mun engké nu nyusulna tarepi ka
dieu?"
Dawuh Patih.
"Duh sang Raja sembaheun pun
Kakang, ku émutan sanaos dugi ka
kumaha ogé, urang wajib
nangtayungan."
"Kumaha mun nu nyusul tat
ngamusuhan ka urang?"
"Saéna mah gusti, saméméh
darongkap nu nyusul, urang kedah
parantos sayaga, kaulanun!"
"Tah éta mah Rai nyanggakeun
was kana kabijakan Kakang!"
"Unjuk sumangga, kaulanun! Rai
mah sing raos-raos waé, pun
Kakang nu tanggel waler." Jawab
Patih.
Sanggéus sinewaka bubaran, terus
sang Patih ngumpulkeun
senapatina supaya ngeprik balad
ngajaga di pos masing-masing.
Kacaturkeun heuleut sababaraha
poé ti harita, utusan pemberontak
daratang ka nagara Daha. Terus
dideuheuskeun ka sang Raja.
Sanggeus amprok, sang Raja
sasauran.
Hé Ki Silah, arandika nu ti mendi,
lembur mah banjar karang
pamidangan?"
Utusan.
"Hé sang Raja, kaula asal ti Nagara
Mandalaayu. Diutus ku pamingpin
kaula nu katelah Ki Manggala
Wisésa, maksudna rék nyusul Nyi
Sumur Bandung rék dibawa ka
nagara kaula, rék dihukum mati!"
"Hé utusan, béjakeun ka
pamingpin andika, kaula moal bisa
masrahkeun Nyai Sumur Bandung
sabab éta mah tamu kaula, wajib
dihormat jeung ditangtayungan ku
kaula!"
"Hé sang Raja, ana kitu andika
nangtayungan musuh kaula, jadi
andika gé musuh kaula?"
Sang Raja sasauran leuleuy.
"Nya ari ten bisa ku jalan damai
mah, éta mah kumaha kahayang
andika waé, ku kaula moal burung
dianteur!"
"Sang Raja, kaula amit mundur!"
Terus maranéhna kalaluar baralik
ka nagarana. Sabubarna utusan, di
Nagara Daha pohara
harénghéngna. Bangsa barang-
barang nu aya ajena diungsikeun
diasupkeun kana guha-guha
atawa lombang-lombang. Sakabéh
lalaki nu jaragjag nyarekel
pakarang, aya tumbak, kuli, cagak,
gobang, keris, bandring,
garonggang jeung sajabana.
Satiap pasir nu ngurilingan puseur
dayeuh dijaga ku bala tentara
Nagara Daha dipimpin ku senapati
nu katelah Ki Purba Caraka.
Kacaturkeun dina hiji poé.
Burudul pasukan pemberontak di
bawah pimpinan Ki Manggala
Wisésa. Teu tata pasini deui, ger
tarung antara balad Daha jeung
balad Mandalaayu. Barisan ti
Mandalaayu loba pisan jalma-jalma
pilihan nu geus aya pangalaman
dina pemberontakan.
Sedeungkeun dipihak Daha mah
ampir sakabéhna kurang
pangalaman perang, sabab
nagarana nagara pertanian. Teu
sakumaha lilana balad Daha géus
corengcang terus mundur ka jero
kota. Atuh diberik ku balad
Mandalaayu.
Kaayaan di jero kota pahibut
brugbreg narulakan panto.
Sawareh pasukan Daha ngalawan
ti jero kota. Juragan Patih jeung
senapati Purba Caraka cuhcih
ngatur pasukan pikeun
ngapertahankeun kota.
Sang Raja diwartosan yén balad-
baladna ampir-ampir kadesek. Ras
anjeunna. émut ka Guruna, Embah
Balung Tunggal nu aya di Kuloneun
Nagara Daha. Padépokarmana di
lebakeun Gunung Manggu beulah
Kulon. Enggal anjeunna ngintun
utusan mundut bantuan ti Guruna
nu sakti mandraguna.
Sadatangna utusan ka Embah
Balung Tunggal, pok nyarioskeun
lalakon di Nagara Daha nuju
kenging karerepot dijorag ku
musuh ti Nagara Mandalaayu. Sang
Raja mundut tulung saéngal-
éngalna.
Embah Balung Tunggal
nyanggupan. Lajeung anjeunna
sidakep sinuku tunggal manteng
ka Yang Widi mundut pertulungan.
Lajeng anjeunna ngageblig bumi
tilu kali, sakeudet nétra parantos
nyembah payuneunana hiji Jin
Marid nu ngarana Ki Uwes Alqofi.
Balung Tunggal lajeng maréntah,
pokna.
"He Uwes, manéh kudu
ngumpulkeun batur-batur manéh!
Bantuan balad-balad sang Daha,
ayeuna kadesek ku balad
Mandalaayu."
"Unjuk sumangga."
Cedok nyembah leus indit gancang
nyaur balad-baladna. Terus
diparéntah ngumpulkeun batu ti
walungan-walungan, ti gunung-
gunung. Éta batu dipaké nimbulan
balad-balad Mandalaayu. Atuh
sawaé teu pilih bulu ngagaleuy
balad Daha, balad-balad
Mandalaayu teu aya anu
mangapulia bubar katawuran,
sabab dihujanan batu-batu
mangrebu-rebu, tinu sagedé sirah
nepi kanu ngajalunggiring
saluhureun gédong. Atuh nya
kaayaan Nagara Daha téh ruksak
urut katinggang ku batu-batu téa,
jalma-jalma nu salamet ngarungsi
ka Gunung Manggu nganarabakan
di dinya, tug nepi ka kiwari loba
kuburan-kuburannana. Ari sang
Raja jeung nu séjén-séjén ogé
sami ngantunkeun, dayeuh
karajaan.
Nyai Sumur Bandung mah teu
kersaeun kaluar ti gédong
karajaan, terus wé mujasmedi
siang wengi di jero kamarna.
Takdir teu kenging dipungkir
kadar teu kénging diudar, karajaan
saling finis jadi Tegal Ratu nu
disebut Blok Naringgul. Gédong
karajaan jadi guha batu nu pohara
gedéna sarta angkrong pisan.
Ceuk ujaring nyarita Nyai Sumur
bandung robah rupana jadi Maung
Bodas, tug nepi ka kiwari aya di
Guha Nagara Daha. Éta guha téh
nepi ka kiwari sok dipaké guha
Maung, jeung maung-maung nu
ngadon ngajuru didinya. Tapi
sanajan éta guha aya maungna ka
ingon-ingon ti kampung nu
deukeut ka dinya, tara daékeun
ngaganggu.
Ti jaman baheula nepi kaayeuna
can kabéjakaun aya sato héwan nu
rahayat di dinya ditekuk maung.
Lamun urang ngaliwat ka daérah
Nagara Daha tanah nu katincak ku
urang téh sorana ngagelendrung
atawa drung-drungan, saperti
urang leumpang luhureun
lombang. Ceuk kapercayaan, unit
nyumputkeun harta pusaka
penduduk Nagara Daha téa jaman
peperangan baheula.
Disusun ku: Warjita, saparakanca