Hahariringan

<¤ Play On ¤ RYA FITRIA <> BOGOH KASAHA ACI JESSICA <> KUTEUNTEINGANEN ACI JESSICA <-> TEU BISA AYA GANTINA Cipt. Kikiludi ACI JESSICA <-> BEGER MINDOCipt. Doddy Ronald ACI JESSICA - KEUN WAE Cipt. Indra Budiman ACI JESSICA <-> KUNAON ANJEUN TEGA ACI JESSICA <-> GALINDENG SALIRA Cipt. Aceng Yudha ACI JESSICA <- >LAYUNG BEUREUM Cipt. Aceng Yudha

Sabtu, 21 April 2012

sasangkala gunung gajah*depok cisompet garut

Gunung Gajah téh nyaéta hiji
Perkebunan Karét nu aya di Désa
Depok Kacamatan Cisompét
Kawadanaan Pameungpeuk
Kabupatén Garut. Di kaléreun éta
perkebunan aya hiji pasir. Nu dina
pasir éta aya hiji batu gedé nu
mangrupa Gajah. Batu Gajah téh
dibeulitan' ku areuy-areuy
kasungka anu galedé dina bagian
beuteungna, nepi ka éta batu téh
teu tiguling tins gawima nu
nangtawing. Ku masyarakat Depok
baheula. Di jaman masih
"Berswadesi" marelak kapas jeung
narinunna ku sorangan, batu
Gunung Gajah dipaké panayogéan
atawa cicirén. Lamun Batu Gajah
téa katémbong bodas, panén
kapasna bakal mucekil. Tapi lamun
katémbong hawuk sarta beeus,
pasti kapasna bakal moal
nyugemakeun. Hal éta jadi
cecekelan kapercayaan pikeun
masyarakat Dépok jaman harita.
Naon sababna éta tempat disebut
Gunung Gajah? Kieu sasakalana.
Carék ujaring carita.
Jaman baheula nalika kasultanan
Cirebon keur meujeuhna kamashur
jeung kakoncara ka mancanagara
dina kakawasaanana, anu
jumeneng sultanna jenengan
Sultan Girilaya. Anjeunna kagungan
gajah anu mangpirang-pirang,
nyaéta tawis soca ti sobat-sobatna,
sultan-sultan ti Pulo Sumatra.
Diantara gajah-gajahna, aya hiji
gajah jalu anu keur meujeuhna
sumedeng begér, nafsuna teu
kabendung, arwahna, teu
kabudalkeun. Sabah aya ogé gajah-
gajah bikang keur rareuneuh. Ku
kituna éta gajah téh ngamuk
nguwak-ngawik. Naon waé nu
kapanggih dibinasakeun, éstuning
teu aya nu. manggapulia.
Atuh Sultan téh pohara éwédna.
Badé dipaéhan ngarasa nyaah,
diantep was terus-terusan
ngaruksak. Anjeunna lebet ka
patepenan lajeng was didinya
mujaswedi mundut ilapat ti nu
kawasa supados énggal dijait tina
katunggaraan.
Dina hiji wengi.
Anjeunna ngimpén kasumpingan
aki-aki nu jénggotna panjang
pisan sarta di daster jeung di
jubah bodas. Pok sasauran.
"Hé Putu Eyang! Maksud putu ku
éyang kaharti pisan. Anjeun geura
néangan putri nu ngaranna Sri
Kawali nu ayana di laut pakidulan."
Sultan ngahuleng heula ngémutan
impénan jeung naséhat éta.
Salajengna anjeunna musyawarah
sareng para Panaséhatna.
Saparantos putus musyawarah,
teras ngintunkeun utusan milari
nu jenengan Sri Kawali téa.
Teu kacatur dijalanna jeung
sabaraha lilana.
Kacaritakeun utusan géus datang
deui ka Cirebon bari ngiringkeun
hiji istri nu katémbongna alim
pisan. Terus ngadeuheus ka
kanjeng Sri Sultan. Salajengna
Sultan téa marios ka Sri Kawali
sanggem henteuna naklukkeun
gajah. Sri Kawali nyanggupan kana
nu dikapalay ku Sultan téa.
Isukna, wanci haneut moyan.
Sri Kawali diiring ku gegedén-
gegedén ka tempat nu disebut
"pagajahan", nyaéta tempat
neundeun gajah-gajah piaraan
sultan. Gegedén-gegedén mah taya
nu wanieun ngadeukeutan ka
Pagajahan téh, sabab sieun
diamuk ku gajah édan téa. Ngan
ari Sri Kawali sorangan nu wanian
téh.
Naa... ari gurudug téh gajah jalu
lumpat bari sorana nyengék tarik
pisan ngudag jelema nu wani-
wani ngulampreng ka tempat si
gajah édan téa. Barang géus
deukeut gajah, Sri Kawali
ngébutkeun karémbong sutra
wilisna, nu dianggo ku anjeunna.
Naa... éta, mah pohara ajaibna!
Si gajah nu ngadurugdug lumpat
sataker kebek téh katémbong
leuleus lungsé taya, tangan
pangawasa. Terus ku Sri Kawali
tungtung tulaléna ditalian ku
karémbong téa sarta ditungtun. Ari
gajah jadi pohara lindeukna nurut
dibawa ka mana-mana ogé. Atuh
nu lalajo ger waé surak mani
ambal-ambalan bakating ku saruka
bungahna. Sri Kawali diiring ka
Karaton bari nungtun gajah.
Sadatangna, ka Karaton, gajahna,
dicangcang dina pager beusi di
luar Karaton. Anjeunna teras
ngadeuheus ka Sri Sultan. Sri Sultan
pohara bingaheunana. Terus Sri
Kawali diganjar ku emas inten
sareng anggoan-anggoan. Gajahna
dipasihkeun ku Sultan ka Sri Kawali
supaya dicandak ka lemburna. Sri
Kawali tunggang gajah teras mulih
ka bali géusan ngajadi.
Teu kacatur dijalanna.
Kocap geus nepi ka hiji tempat nu
géus deukeut ka lemburna. Si
gajah téh ujug-ujug lulunjuk
ngadat embung maju. Rikat Sri
Kawali ngajenggong nyéntok ceuli
gajah, nepi ka si gajah téa daékeun
maju deui. Si gajah téa di dinya
gegerejret nepi ka késangna
nyakclakan siga Cikaracak.
Gancang awakna dikarut ku
karémbong da bisi lésot deui.
Terus maju nonggoh rék
ngajugjug pasir.
Tulaléna ulang-ulangan, awakna
moyég. Atuh terus waé
dicangkalak ku karémbong téa.
Nelah nepi ka ayeuna éta tempat
disebut "Citangkalak". Barang nepi
ka hiji tempat nu datar. Teuing
atoheun teuing capéeun, si gajah
disada sataker tanaga. Tapi anéh!
Sakaluarna sora, bijil seungit tina
tulaléna, tug nepi ka ayeuna jadi
ngaran lembur "Sadawangi".
Gajah téa dibawa ka hiji pasir teu
jauh ti Sadawangi, terus waé
diborogol ku karémbongna da bisi
ngamuk deui. Lila-lila robah jadi
batu nu mangrupa gajah dikarut
ku areuy kasungka tug nepi ka
kiwari disebut "Batu Gajah", sarta
pasirna nelah "Gunung Gajah".
Ari Sri Kawalina tetep tumetep di
Kampung Pangligaran Désa Depok
tug nepi mulih ka jati mulang ka
asal. Ari kuburannana ayana di
kuloneun Balé Désa Depok. Tapi
anu katelah "Sembah Gajah" mah
lain Sri Kawali, tapi carogéna.
Warisannana nyaéta mangrupa
kitab nu ditulis ku leungeun dina
basa Jawa buhun. Anu eusina
rupa-rupa élmu pikeun naklukeun
sato-sato garalak, saperti maung,
gajah, banténg jeung salian ti éta.
Disusun ku: Warjita, saparakanca