Hahariringan

<¤ Play On ¤ RYA FITRIA <> BOGOH KASAHA ACI JESSICA <> KUTEUNTEINGANEN ACI JESSICA <-> TEU BISA AYA GANTINA Cipt. Kikiludi ACI JESSICA <-> BEGER MINDOCipt. Doddy Ronald ACI JESSICA - KEUN WAE Cipt. Indra Budiman ACI JESSICA <-> KUNAON ANJEUN TEGA ACI JESSICA <-> GALINDENG SALIRA Cipt. Aceng Yudha ACI JESSICA <- >LAYUNG BEUREUM Cipt. Aceng Yudha

Sabtu, 21 April 2012

sasangkala turunan batu wangi *singajaya garut

Di Kacamatan Singajaya Kabupatén
Garut, perenahna di Kampung
Batuwangi Désa Ciudian aya hiji
makam nu nepi ka kiwari masih
dikaramatkeun ku masyarakat
sabudeureunana. Malahan, teu
saeutik nu daratang ti luar
wewengkon Garut ngadon jararoh
ka éta makam, utamana dina tiap
bulan Mulud. Éta makam téh cenah
tempat dikurebkeunna hiji raja di
kadaleman Batuwangi baheula. Ku
masyarakat kampung éta mah, tug,
nepi ka kiwari makam téh
salawasna dipulasara sabab éta
tokoh dianggap luluhurna. Cenah
mah, di Kampung Batuwangi nepi
ka kiwari aya kapercayaan nu
masih pagéuh dina kayakinan
masyarakat éta kampung.
Numutkeun kapercayaan éta, cadu
pikeun turunan Batuwangi
ngadahar hulu hayam. Lamun
pacaduan éta dirempak bakal aya
mamalana ka éta jalma. Kumaha
atuh cenah sasakalana aya
kajadian kitu téh?
Baheula mangabad-abad ka
tukang di Kampung Batuwangi aya
hiji kadaleman ngaranna
Kadaleman Batuwangi. Ari wates
wewengkonna ti Pamegatan
Pacing, nepi ka Pamegatan
Cikajang ayeuna. Kadaleman
Batuwangi mashur kacida nalika
dinarpatian ku Bagénda Raja
Batara Rayu Kinasihan. Salian ti éta
raja luhung arif tur wijaksana, ogé
ngagaduhan hiji puteri geulis
"titian Dewi", nu jenenganna Nyi
Puteri Kentring Manik.
Kageulisan, kaayuan tur
kabinangkitan sang Puteri
nambahan kaseungitan tur
kamashuran Kadaleman
Batuwangi waktu harita. Sang
Puteri éta jadi lambang kageulisan
wanoja balaréa alarn harita. Sikep,
pari polah sareng Bandanna
dijadikeun panutan, utamina ku
para wanoja sasamana.
Kocap kabinangkitan, kageulisan
tur kaayuan Puteri Kentring Manik
lain ngan saukur dipika ajrih di
Kadaleman Batuwangi, tapi
kanyataanna seungit ka luar
kadaleman éta. Malihan Putera
Mahkota Raja Galuh jenenganna
Rangga Wulung nu mashur kasép,
cerdas, tur komaraan ngaraos
kasmaran, kapetik asih kapentang
asmara ku sang Puteri. Mimiti
anyar pinanggih, paamprok
jonghok patepang raray nu kasép
sareng nu geulis nalika Rangga
Wulung dipiwarang ramana ti
karajaan Galuh kudu ngayakeun
gawé bareng dina widang tatanén
sareng Kadaleman Batuwangi.
Waktu harita pisan jamparing asih
nu duaan silih nurus ati, ti kawit
paadu teuteup nu sumerep kana
emun-emunan, sapada harita
"Déwa Asmara" ngancik dina diri
séwang-séwangan.
Di Karajaan Galuh
Ayeuna urang kocapkeun kaayaan
di Karajaan Galuh.
Rangga Wulung ngagaduhan rai
pameget hiji-hijina nu satia tur
satuhu ka anjeunna. Ka mana waé
angkat Rangga Wulung, raina teu
weléh ngingiclik. Salawasna jadi
réncang, mikanyaah tur mikaasih
pisan ka nu jadi rai, teu sirikna lir
gula jeung peueutna. Ari jenengan
rai Rangga Wulung téh, Rangga
Dipa.
Singket carita, nincak sababaraha
bulan Puteri Kentring Manik sareng
Rangga Wulung ngaitkeun tali asih.
Pihak kulawarga Rangga Wulung ti
karajaan Galuh parantos singkil
badé ngalamar sang puteri.
Saméméhna, kantos Rangga
Wulung nyuhunkeun saran tur
kamandang ti raina nu dipikaasih
téa Rangga Dipa ngéunaan
lamaran anjeunna ka Puteri
Kentring Manik.
"Rai kakang, Rangga Dipa. Kadieu
geura! Kakang aya picarioseun ka
rai." Dawuh Rangga Wulung dina
hiji mangsa.
"Sumangga kakang, badé aya
picarioseun naon? Rai sayaga
ngupingkeunna naon nu baris
disanggémkeun. Malihan rai badé
tuhu ngalaksakeunnana Waler
Rangga Dipa.
"Rai, numutkeun kamandang
kakang, parantos waktosna
kakang ngalamar tur éngal-éngal
ka Balé Nyungcung sareng Nyi
Puteri Kentring Manik. Ari
kamandang rai, kumaha?" Rangga
Wulung naros ka raina.
"Kakang Rangga Wulung nu ku rai
dipiasih. Saupami éta parantos
janten kaputusan kakang kalayan
pinuh ku tinimbangan tangtosna
rai éstu sapagodos. Saéna mah
pami taya halang-harungan
purnama nu badé dongkap
kakang sareng aceuk Puteri éngal
baé ka Balé Nyungcung. Mudah-
mudahan sagala harepan urang
kenging widi ti ramanda Raja."
Waler Rangga Dipa pinuh
kagumbiraan.
Liwat sababaraha bulan
saparantos Rangga Wulung
ngalamar sang Puteri ti Kadaleman
Batuwangi, niti wanci nu mustari
nincak mangsa nu utama, poé nu
dianti-anti ku kulawarga karajaan
tur sakabéh rahayat, yaktos poé
jatukrami agung antawis putera
Raja Galuh nu gandang, kasép
ngalénggéréng konéng sareng
Puteri Raja Batuwangi nu geulis
campernik, abong puteri titisan
Dewi.
Poé harita dua insan istiméwa calik
dina palaminan. Pangantén wanoja
nu géulis lir titisan Dewi Sinta. Kitu
deui pangantén pameget kasép lir
titisan Déwa Batara Rama.
Katinggali éta pangantén pinuh ku
kabahagiaan, bagja laksana,
kauntun tipung kaantay béas,
hamo badé pipisahan nepi ka
pakotrék iteuk, ceuk paribasana.
Kakuping gumuruh surak hadirin,
ogé kulawarga dua karajaan nu
geus jadi bébésanan nyakseni
upacara, akad nikah. Éta hal
nandakeun yén hadirin ngaréstuan
pisan jatukrami dua putera raja
téh. Saparantos acara. "sungkem"
ka ibu sareng ka rama masing-
masing pangantén, sakumaha adat
kabiasaan dina acara jatukrami
waktu harita sok diteraskeun kana
acara. "huap lingkung".
Dibarengan ku suka bungah, pinuh
kabagjaan éta sapasang
panganten silih huap. Acara beuki
ramé sabab hadirin masih satia.
nyakseni.
Supata Raja
Nalika Rangga Wulung ngegél hulu
hayam ana gécrot polona mécrét
meneran pisan pinareup sang
Puteri. Sang Puteri ngaraos kuciwa
pisan ku kajadian. Ninggali
kajadian kitu, Rangga Dipa nu ti
kawit acara nyakséni pinuh bagja
lantaran nyaah ka nu jadi raka,
Rangga Wulung. Sapada harita
éngal nyabut carécét ti jero saku
acukna, teras nyaketan sang
puteri. Anjeunna ngagedek teras
sapada harita meresihan cai uteuk
nu ngotoran raksukan pangantén
lebah dada sang Puteri.
Tapi kumaha balukarna, ku
kajadian singket harita.
Rangga Wulung ngaraos
timburuan dina manahna.
Anjeunna éngal neuteup Rangga
Dipa ku teuteupan soca pinuh
dendam. Duhung nu aya dina
cangkéngna dicabut. Iblis parantos
ngarasuk kana jiwana. Haténa
ngagebleg poék. Atuh, teu
antaparah deui ngan...
Bles... bles!
Duhung Rangga Wulung niir
jantung Rangga Dipa. Rangga Dipa
sapada harita rubuh taya dikieuna.
Namung, saméméh ajal dipungut
ku nu kagungan sempet
ngedalkeun lisan ka rakana
kalayan pinuh kaihlasan.
Pok nyarios.
"Kakang, rai teu aya haté colonos,
éstu bersih haté bangblas, nyaah
ka nu jadi lanceuk, teu aya
geuneuk maleukmeuk!"
Ngadangu cariosan raina kitu,
Rangga Wulung teu tata pasini
deui saharita keris anu lamokot ku
getih téa...
Bless... bless!
Ditubleskeun ka anjeunna
meneran pisan jajantungna,
golépak harita kénéh lastari
ngemasi pati di payuneun
garwana Puteri Kentring Manik.
Nyaksian kajadian kitu, nu teu
disangka sacongo buuk hadirin
molohok ngembang kadu. Sang
Puteri nangis prihatin tur
tunggara, téxas kapiuhan saharita.
Teu antaparah deui ninggali
katunggaraan éta Bagénda Raja
Rayu Kinasihan ngucapkeun
supata.
"Ti semet ieu
keur turunan kaula
cadu ngadahar hulu hayam!"
Tah, sakitu Sasakala Turunan
Batuwangi Cadu ngadahar hulu
Hayam téh. Cenah, lamun aya
diantarana salah saurang turunan
Batuwangi ngarempak éta
pacaduan, sok aya balukarna nu
baris tumiba ka manéhna.
Umpamana ngadadak budug sirah
nu Hésé kacageurna.
Disusun ku: Warjita, saparakanca