Hahariringan

<¤ Play On ¤ RYA FITRIA <> BOGOH KASAHA ACI JESSICA <> KUTEUNTEINGANEN ACI JESSICA <-> TEU BISA AYA GANTINA Cipt. Kikiludi ACI JESSICA <-> BEGER MINDOCipt. Doddy Ronald ACI JESSICA - KEUN WAE Cipt. Indra Budiman ACI JESSICA <-> KUNAON ANJEUN TEGA ACI JESSICA <-> GALINDENG SALIRA Cipt. Aceng Yudha ACI JESSICA <- >LAYUNG BEUREUM Cipt. Aceng Yudha

Sabtu, 21 April 2012

sasangkala urugna gunung wayang

KAJADIAN alam anu teu asup ku
akal, teu kaharti ku pikir mangrupa
totonden atawa naon bae bisa
karandapan ku manusa dina hirup
kumbuh sapopoe. Kajadian aheng
anu kungsi ka alaman ku padumuk
di wewengkon Desa Majalaya di
Kampung leuwidulang dina taun
lima puluhan oge mangrupa
kajadian alam anu teu kaharti
kuakal. Kajadian ieu teh
karandapan sarta nyata kaalaman
ku balarea sakur padumuk anu aya
di sisi walungan Citarum.
Di taun lima puluhan, walungan
Citarum anu kokocoranana ti
Gunung Wayang dijadikeun
pakasaban sarta kaperluan anu teu
bisa dipisahkeun jeung para
padumuk di sisi walungan Citarum.
Caina ngagulidag herang, diparake
nyeuseuhan atawa jadi pakasaban
para tukang ngala
lauk.Sedengkeun ku barudak
dipake arulin ,ngojay atawa
paparahuan. Teu heran, mun hate
ngarasa sedih mun nyoreang
mangsa ka tukang nempo kaayaan
Citarum mangsa kiwari. Caina kiruh
semu hideung, dimana-mana
runtah pabayatak, rujit persis cai
kolomberan.
Dina hiji poe kurang leuwih jam
tiluan ba’da asar, anu keur
nyareuseuhan jeung anu keur
mancing nempo dua oray sagede
leungeun orok, panjangna kira-
kira sadeupa laju kagirangkeun.
Anehna, eta dua sato teh dina
huluna siga make makuta sarta
terus ngarendeng teu pisah-pisah.
Nu narempo tinggorowok bari
nujuk : “Tempo tuh aya oray make
makuta !!.” cek tukang mancing ti
peuntas. Kabeh sakur nu aya di sisi
walungan narempo dua oray aneh
make makuta. Teu kungsi lila,
katempo bet rea oray deuih
nuturkeun ti tukang, persis siga nu
ngawal dua raja jeung permaesuri.
Bedana oray anu nuturkeun ti
tukang garalede , beuki ka tukang
beuki gede orayna nepi ka sagede
tangkal buah ngabring ka
girangkeun siga nu keur baris.
Kabeh anu aya disisi walungan,
boh nu keur nyeuseuhan atawa
anu keur mancing laluncatan
hanjat kadarat.
Sigana, geus rea jelema narempo
eta kajadian, lantaran abringan
padumuk ti beulah kidul ngahaja
nutur-nutur iring-iringan oray.
Mapay-mapay sisi walungan, teu
nempo kana tincakeun, atuh rea
anu labuh lantaran jalan nu dipake
titincakan rea logak jeung leueur.
Mun aya anu keur ngecrik atawa
anu nyeuseuhan, buru-buru
digorowokkeun. Ngadenge kitu,
nu aya di walungan laluncatan ka
darat. Abringan teh ngan nepi ka
Mene, lantaran ka pegat ku
walungan Cimene anu ngocor ka
Citarum. Teu waka baralik , tapi
ngarogrog nempokeun abringan
oray anu teu siga mirosea ting
gorowokna jelema anu aya di sisi
walungan.
Beak abringan oray, dituturekeun
ku mang kibik-kibik kai kabawa
caah. Bener we, teu kungsi lila cai
bet ngagedean. Beuki lila beuki
gede, dibarung ku sora ting
gulutukna kai jeung batu. Teu
kungsi sajam tiharita ,cai geus meh
ka darat. Kabeh padumuk nu aya di
sisi walungan pada mereskeun
papakean atawa naon bae anu
bisa ka bawa, ngarungsi ka tempat
anu rada jauh, bari ting gorowok :
“banjir !,banjir!!”
Poe geus reup-reupan, tapi cai ti
Citarum beuki lebleban nepi ka
satengah meter ngeueuman kabeh
kampung nu aya di sisi walungan
Citarum. Tapi lain deui keur anu
warani mah, maranehna
ngamangpaatkeun neangan kai
anu nyarangsang di sisi-sisi imah.
Anehna, sakur kai nu kabawa ku
caah rea nu siga meunang
ngaragajian. Matak para padumuk
didinya harita mah nepi ka aya nu
meunang lima nepi ka tujuh kibik
sagala.
Mang Sardi jeung Jang Udin anu
pakasaban sapopoena tukang
beca teu tinggaleun milu neangan
kai. Sok sanajan harita geus bada
magrib, manehna duaan neangan
bari kundang cempor. Di lebah
imah Nini Uneh manehna nepo
catang kalapa.
“Tah Din kabeneran aya catang
kalapa. Sok urang panggul we ku
duaan.” Cek Sardi bari ngeserkeun
catang anu meh asup ka kolong
imah. Catang teh dipanggul
kuduaan rek dibawa ka imahna,
lantaran imah mang Sardi mah
palataranana lega.
“Sardi, catang teh asa bau
hangru.” Cek Udin.
“Nya pantes geus taunan sigana
mah. “.Jawab Mang Sardi.
“Lukutan deuih.”
“Tong loba bacot Din euy ! buru
leumpangna. Geus ieu urang
neangan deui.” Mang Sardi semu
keuheul. Jang Udin teu ngomong.
Kira sapuluh menit geus nepi ka
imah mang Sardi. Catang kalapa
anu bawa teh di gubragkeun,
dihijikeun jeung kai anu geus
numpuk meunang mulung. Tapi
duaan ngagebeg, anu disangka
catang kalapa teh bet hirup,
ngaleor nuju ka walungan. Siga
anu geus ngartieun. Teu nyangka
anu dipanggul teh geuning oray
buntung sigana geus ratusan taun.
Anehna deui, eta oray kadenge
sada nu ngomong, tapi sorana
siga haroshos.
”Pulangkeun deui aing ka
walungan!” cenah.
Mang Sardi jeung jang Udin
papelong-pelong. Duanana
rumegag sieun dipacok, atawa
diteureuy. Siga nu surti eta oray
ngomong deui.
”Moal nanaon kula mah. Sok
anteurkeun kula ka walungan.”
Teu ngaduakalian deui, eta oray
digotong deui dibawa ka sisi
Citarum. Geus kitu di teundeun di
sisi walungan. Eta oray ngaleor,
gujubar palid ka girangkeun.
Kajadian saperti kitu teh lain
maranehna bae, tapi aya kana
limaan padumuk anu ngalaman
kajadian saperti harita, ngagotong
oray anu disangka catang kai.
Mang Sardi jeung Udin teu
nuluykeun neangan kai lantaran
geugeumeueun sieun kaalaman
deui.
Isukna Walungan Cirarum saat,
ngan masih rea pasolengkrah
catang-catang kai. Aya oge anu
kabawa jeung akar-akarna. Ieu teh
mangrupa kajadian anu can
kaalaman nepi ka mangsa kiwari
dimana dua poe ti harita
kabejakeun yen gunung Wayang
urug (longsor) nepi ka hektaran
tanah kabawa kawalungan
Citarum.